Emah
Wanci haneut moyan
Basa mulang ti kebon
Pan Emah nu mangalakeun memeniran,
Leungeun kuring ranggeuy ku cikur ngora
Emah mah malah gumujeng bakat ku suka
Basa sarangenge mentrang
Wanci adan lohor
Pan Emah mah ngajanteng balas hookeun
Pedah kuring nanggeuy baki sampeu kalapa
Emah malah mesem semu teu wasa
Wanci panon poe leeh
Basa sareupna pisan
Emah …geuning parantos teu aya
Apa
Saur apa pisan kuring kedah kadieu
Janari nyanghareup subuh
Sapanjang malangbong
Apa teras-teras ngagentraan
Teu weleh ngalangkang
Kuring lumpat satarikna
Ciawi, Cikatomas, …
Leuweung gunung nanjak mudun
Gawir hate seseblakan
Angkeub kacida tetenjoan
Antos Pa, ieu aya nu can kedal…………
Apa
Cinunuk, 2006
Recent Comments